RINGKESANMATERI BASA SUNDA 1. Narjamahkeun téh prosés mindahkeun hiji basa ka basa séjénna, sok disebut alih basa. Tarjamahan interlinéar atawa harfiah: prosés narjamahkeun unggal kecap luyu jeung runtuyan kecap dina basa aslina. Tarjamahan semantis atawa bébas: prosés narjamahkeun nu teu satia kana basa aslina, ukur ngudag maksud nu ContonaDongéng Déwi Sri, Dongéng Nyi Roro Kidul, Dongéng Munjung, Dongéng Maung Kajajadén, jeung Dongéng Ngipri. Dongéng Pieunteungeun. Dongéng Pieunteungeunnya éta dongéng anu eusina mangrupa tauladan pikeun kahirupan manusa. [15] Contona Cikaracak Ninggang Batu Laun-laun jadi Legok . Dongéng Pamuk VideoUndangan Animasi Pernikahan adat sunda Mau Undangan kamu dibuat Video Animasi Lucu dan menarik, Share kemana saja, kapan saja dan dimana saja, Harga Bersahabat, Hubungi HP/WA : 0823 MakeYou Smarter Blog - Kanjeng Ratu Roro Kidul atau sering dikenal sebagai Nyi Roro Kidul merupakan dewi dari dongeng Jawa terkenal sebagai Ratu Pantai Selatan, (Pelabuhan Ratu). (Samudera Hindia atau Samudra Kidul selatan pulau Jawa) dalam bahasa Jawa dan mitologi Sunda. salam sukses. Ia adalah sosok gaib penguasa laut utara pulau Jawa. Timbulnyamite berhubungan erat dengan kepercayaan animism dan dinamisme di kalangan masyarakat lama. Mite juga dihubungkan dengan roh-roh halus dan cerita gaib lainnya. Contoh dari mite, yaitu Cerita Nahoda Ragam, Cerita Nyi Roro Kidul, Dewi Sri, Harimau Jadi-jadian, dan lain sebagainya. 5. Sage OIeDQk. judul na NYI RORO KIDUL Kacaturkeun jaman baheula aya hiji awèwè, anu kacida geulisna tur kasaktiannana ge taya nu nandingan. Ngan hanjakalna, èta awèwè tèh sarakah, ngabogaan 99 salaki, tapi kebeannana maraot dina peutingan pangantenan. Cenah mah, dipaehan ku sabangsa oray nu kaluar tina larangan Nyi Putri. Kasaktian jeung kageulisan Nyi Putri nepi ka hiji lalaki nu apaleun kana rusiah Putri. Tuluy bae ngalamar jadi salaki Nyi Putri anu ka saratusna. Pikeun ngelehkeun Nyi Putri, salakina puasa tur tapa geni. Dina hiji peuting, salakina kawenehan nangkeup oray nu kaluar tina larangan Nyi Putri kaburu hudang bari ngamuk, nepi ka garelut. Tarung salaki jeung pamajikan teh regot kacida. Nu antukna keris Nagasastra, nu ngawujud oray teh bisa karebut ku sakaol, keris Nagasastra tèh mibanda sifat jahat. Sing saha baè nu ngabogaan èta keris, eta jalma ngagem elmu sasar, nu teu luyu jeung papagon agama. Sanggeus èta keris di cekel ku salakina, Nyi Putri lumpat sataker kebek. Ku salakina diudag nepi ka sisi basisir Laut Kidul. Tapi teu beunang sabab Nyi Putri kaburu ngajebur ka laut. Sanajan Nyi Putri geus eleh, tapi manehna embung sadar tur teu narima eleh, kalah kabur ka tengah laut miboga niat hayang naklukeun sarta ngawasa alam dunya. Sabada tilem ka jero laut Nyi Putri katelah Nyi Roo Kidul. Nepi ka kiwari, upamana aya jalma nu sombong tur adigung-adiguna sarta goreng adatna tur kalindih, ceuk sakaol mah Nyi Roro Kidul sok wera, sabab ngarasa kasaing tur sakaol oge, cunah upama pareng rek ngalanto ka Laut Kidul teu menang make baju rupana beureum, sabab ceunah sok aya ombak anu kacida gedena. Lian ti eta, nu datang ka Laut Kidul ulah mawa peso nu tungtung gagangna aya tandukan, boh nu leutik boh nu gèdè, sabab ku cara kitu ge, Nyi Putri ngarasa kalindih tur ngarasa aya ngarasa dirina nu pang heulana boga eta peso sarta nganggap dirina Ratu Alam Dunya nu pang punjulna sa jagat raya. Dijual Buku Antik dan Langka Kacaritakeun praméswari Prabu Munding Wangi ngagaduhan putra istri, anu geulis kawanti-wanti endah kabina-bina, jenegenana Déwi Kadita. Saking ku geulis-geulisna éta si putri dugi ka padanyebat Déwi Srangéngé. Pangna disebat Déwi Srangéngé, margi rarayna cahayaan, kawas panonpoé mimiti bijil. Teu kantos lami, Kangjeng Raja kagungan deui putra pameget, namung nu ieu mah ti selir jenenganana Déwi Mutiara. Teu disebatkeun saha jenengan putra pameget Kangjeng Raja. Ngan baé Déwi Mutiara ngarasa yakin, sanajan anakna lalaki, salila aya kénéh Déwi Srangéngé jeung praméswari, pamohalan anakna bisa jadi raja. Ku kituna euweuh deui jalan, lian ti duaanana kudu disingkirkeun ti karajaan. Ngan kudu kumaha carana? Kabeneran aya nu ngabéjaan, di tutugan Gunung Parahu, aya hiji awé-wé tukang tenung sakti, ngaranna Nini Jahil. Ngadéngé éta béja, gancang ku Déwi Mutiara disina datang. Barang tepung pok nyaritakeun niatna, nya éta hayang nyingkirkeun Déwi Srangéngé katut praméswari. "Kumaha sanggup?" cék Déwi Mutiara. "Tai ceuli atuh nu kitu mah," jawab Nini Jahil. “Tapi entong dipaéhan," cenah deui. "Ulah hariwang," Nini Jahil siga nu yakin. Maksud manéhna, anak jeung indungna, rék ditenung supaya beungeutna ruksak. Ingetanana, ari beungeutna ruksak mah, pasti ku Kangjeng Raja diusir, lantaran dianggap wiwirang keur karajaan. Kacaritakeun dina hiji peuting, waktuna pangeusi karaton sararé tibra, Nini Jahil asup ka jero karaton. Dasar tukang tenung sakti, euweuh saurang ogé anu nyahoeun. Paraponggawa nu ngajaraga kabéh sararéna kawas bangké, gara-gara élmu sirep Nini Jahil. Sup manéhna ka pangkuleman praméswari, sarta terus ngaluarkeun élmu tenungna. Ku matih-matihna élmu tenung Nini Jahil, harita kénéh pameunteu praméswati pinuh ku bisul. Teu kaop katoél saeutik, langsung kaluar getih campur nanah, bauna kaambeu hanyir. Bérés praméswari, giliran Déwi Srangéngé. Ieu ogé sami sakedét nétra pisan, pameunteu anu sakitu geulisna, robah jadi goréng patut. Pinuh ku koréng, borok, jeung bisul laleutik. Sarua deuih teu kaop katoél meueusan, barijil nanah campur getih, bauna semu hangru. Sanggeus narima buruhan, Nini Jahil buru-buru balik. Teu kungsi lila Déwi Srangéngé gugah, margi ngambeu babauan, sarta ahirna uninga, asalna tina pameunteu anjeunna. Bakating ku reuwas, Déwi Srangéngé ampir-ampiran ngajerit. Ras émut ka ibuna, buru-buru digugahkeun. Naha atuh ari bréh téh, geuning sanasib jeung anjeunna. Pameunteuna sami ruksak, sarta ngaluarkeun babauan teu pararuguh. Indung jeung anak antukna paungku-ungku, saméméh sasarengan angkat ngantunkeun karaton. Pangémut nu duaan, jang nanahaon aya di karaton, lantaran boga beungeut béda jeung batur. Tibatan diusir ku Kangjeng Raja, mending miheulaan kabur ti nagara. Duaan apruk-aprukan henteu puguh nu dituju. Sakali mangsa jog ka hiji patapan. Bubuhan pandita sakti, pribumi langsung uninga, saha awéwé nu sarumping téh. Atuh teras ku anjeunna diangken, malah dianggap putra jeung putu. Mung hanjakal Ki Pandita henteu tiasa ngalandongan panya-watna. Éta rupina pangna praméswari brek teu damang wales, tug dugi ka pupusna. Ku margi terang saha nu boga dosana, Ki Pandita lajeng ngutus maung kembar, sina ngahukum Nini Jahil. Duanana teu meunang balik, salila tukang tenung jahat aya kénéh dikieuna. Teu kungsi lila di tutugan Gunung Parahu guyur, Nini Jahil kapanggih geus jadi bangké. Beungeut jeung awakna ruksak, kawas tapak kuku maung. Dikantun pupus ku ibuna, Déwi Srangéngé teu kiat lami-lami aya di patapan. Wengi-wangi anjeunna rerencepan kabur. Saleresna Ki Pandita sanés teu uninga, putu angkatna kabur ngantunkeun patapan. Namung, tibatan manah Déwi Srangéngé teras sedih, émut baé ka nu tos ngantunkeun, mending antep sina milari pangalaman. Saha nu terang bakal pinanggih jeung kabagjaan. Caturkeun Déwi Srangéngé angkat henteu puguh nu dijugjug. Saban ngalangkungan leuweung, anjeunna ngarep-ngarep maot dihakan sato galak. Tapi, sakitu mindeng pasarandog, boro-boro aya nu daék ngahakan, kalah paheula-heula nyalingkir. Duka pédah teu tégaeun, nempo waruga nu sakitu ruksakna, duka teu kuat ngambeu bauna. Lami-lami Déwi Srangéngé jog anjog ka sisi basisir kidul. Ku margi ngaraos bingung, ka mana kedah neraskeun laku, anjeunna lirén sakantenan niat ngareureuhkeun kacapé. Reup kulem tibra naker. Sabot kulem sumping impénan, anjeunna ditepangan hiji aki-aki. Éta aki-aki pok sasauran, kieu cenah, “Deudeuh teuing incu Aki, nu geulis kedah ngalaman hirup sangsara. Ayeuna mah geura gugah, hég siram dina cai laut. Engké sagala rupana baris balik deui sabihari. Réngsé siram ulah ka mana-mana, margi bakal aya satria nu ngajak nikah." Tamat aki-aki sasauran, Déwi Srangéngé gugah. Luak-lieuk teu aya sasaha. Iwal aya laut nu kacida legana. Ombakna siga nu ngagupayan, sang-kan anjeunna énggal-énggal siram. Déwi Srangéngé gebrus ibak kokojayan. Cai laut asin téh karaosna asa seger. Anéhna unggal anjeunna ngusap raray, urut borok reujeung bisul, harita kénéh langsung beresih. Kasauran aki-aki teu lepat, pameunteu nu geulis beresih deui. Sinarna moncorong kawas panonpoé kakara medal. Kantenan Déwi Srangéngé pohara bingahna. Anjeunna ampir-ampiran teu percanten, kana kajadian nu sakitu matak anéhna. Wareg siram kokojayan, lajeng ngeunteung kana beungeut cai, katingal rarayna ngagenclang hérang. Nurut kana kasauran aki-aki dina impénan, anjeunna henteu ka mana-mana deui. Damelna ngantos kasumpingan satria nu badé ngajak nikah téa. Ngan naha atuh nu diantos-antosna teu daék sumping. Sadinten, dua dinten, Déwi Srangéngé tiasa kénéh nahan kasabaran. Saminggu, dua minggu, sasasih, dua sasih, Déwi Srangéngé séép kasabaranana. Lami-lami timbul bendu, margi asa dibohongan. Tungtungna jleng luncat ka laut, maksad badé luluasan, milih neuleumkeun manéh ka laut. Sukur-sukur mun dihakan hiu raksasa. Tapi cai laut kalah nyalingkir. Nya kitu pangeusina, daratang ngaba-géakeun. Tungtungna Déwi Srangéngé diangkat janten ratu, nelah Nyai Ratu Roro Kidul. Sanaos kitu anjeunna tetep panasaran, palay tepang sareng satria nu dijangjikeun téa. Cai laut teras diubek, niat milarian satria. Éta sababna pangna laut kidul kasohor gedé ombakna. Lantaran hayoh waé diubek-ubek ku Nyi Roro Kidul. Baca Oge Carpon Budak Tukang lalajo Wayang Carita Wayang Basa Sunda Ngadegna Amarta Biografi Bahasa Sunda Oto Iskandar Dinata Basa Sunda Peristiwa Bandung Lautan Api Basa Sunda Pesta Kariaan di Garut Pakidulan Jaman Baheula Carpon Sunda Baheula Tukang Ngala Suluh Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll Dijual Majalah Cetakan LamaDijual Buku Pelajaran Lawas Saya JAY SETIAWAN tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya. Ku margi terang saha nu boga dosana, Ki Pandita lajeng ngutus maung kembar, sina ngahukum Nini Jahil. Duanana teu meunang balik, salila tukang tenung jahat aya k€neh dikieuna. Teu kungsi lila di tutugan Gunung Parahu guyur, Nini Jahil kapangsih geus jadi bangk6. Beungeut jeung awakna ruksak, tawas kapak kuku maung. Dikantun pupus ku ibuna, Dewi Srangenge teu kiat lami-lami aya di patapan. Wengi-wangi anjeunna rerencepan kabur. Saleresna Ki Pandita sangs teu uninga, putu angkatna kabur ngantunkeun patapan. Baca Juga CERITA WAYANG Bahasa Sunda Pendek, Ringkasan Cerita Wayang Singkat dan Artinya Buat Tugas Sekolah Namung, tibatan manah Dewi Srangenge teras sedih, 6mut bag ka nu tos ngantunkeun, mending antep sina milari pangalaman. Saha nu terang bakal pinanggih jeung kabagjaan. Caturkeun Dewi Srang€ng€ angkat henteu puguh nu dijugjug. Saban ngalangkungan leuweung, anjeunna ngarep-ngarep maot dihakan sato galak. Tapi, sakitu mindeng pasarandog, boro-boro aya nu daek ngahakan, kalah paheula-heula nyalingkir. Duka p6dah teu tegaeun, nempo waruga nu sakitu ruksakna, duka teu kuat ngambeu bauna. Baca Juga PANTUN Bahasa Jawa 2 Baris Tentang Sekolah dan Pendidikan, Contoh Parikan Lucu Bisa Buat Referensi Belajar Lami-lami Dewi Srang€ng$ jog anjog ka sisi basisir kidul. Ku margi ngaraos bingung, ka mana kedah neraskeun laku, anjeunna liren sakantenan niat ngareureuhkeun kacap€. Reup kulem tibra naker. Sabot kulem sumping impenan, anjeunna ditepangan hiji aki-aki. Eta aki- aki pok sasauran, kieu cenah, “Deudeuh teuing incu Aki, nu geulis kedah ngalaman hirup sangsara.

dongeng nyi roro kidul bahasa sunda